Thursday, July 14, 2011

Mun Kuring Jadi Bupati .....

Sateuacana kuring rek balaka, teu boga pangalaman di pamarentahan, mun aya nu 'maksa' kuring kudu jadi bupati, nya 'apa boleh-buat'.

Leuwih ti  saparo umur, kuring gawe di perusahaan asing, ari soal disiplin, metode, sistimatis, effiesen, efektif 'yield-oriented' mah kadaharan sapopoe.

Ku sabab eta, meureun nu kudu ku kuring di siapkeun teh, nyaeta 'Tim-Sukses'.Dasar pemilihan Tim Sukses teh lain KKN, tapi nu utama sa-Visi jeung kuring atuh kaduana Kompetensi.

Visi kuring ' Membangun Tasikmalaya yang lebih baik, tata-tentrem kertaraharja'.

Misi kuring, ngajak sakabeh 'stake-holder' atanapi 'pemangku-kepentingan' nu aya di kabupaten Tasikmalaya, 'mencurahkan segala daya-upaya' keur pencapaian Visi tadi.

'Hanya orang Tasikmalaya yang paling tahu, apa yang diinginkannya' - naon nu jadi harepan urang Tasik kudu dicatet sing rinci, terus dipilah-pilah nurutkeun 'prioritas' na.

Tim sukses kudu 'menterjemahkan' nepi ka langkah 'operasional' _jadi teu bisa pake basa langit, eta mah 'jargon' pulitik nu dianut pamingpin urang ayeuna. Kabeh kudu 'terukur' nepi ka ukuran 'keberhasilannya'

Ku sabab eta, anggota 'Tim Sukses' eta nu bakalan jadi 'kabinet' kuring, sahenteuna tim penasehat/ahli meureun istilahna teh.

Langkah ka dua, pasti aya 'rasionalisasi' pagawe kabupaten, anu dipilih anu sanggup nedunan 'goal-setting' nu disusun ku Tim Sukses tea, nu teu lolos kompetensi, serahkeun ka Kemendagri mun nu tos aya NIP na, terserah rek dikumahakeun

Jam kerja, ku kuring bakal di robah, dines nu langsung nguruskeun 'pelayanan-masyarakat' kudu aya 24 jam, mun perlu dijieun 3 shift (kawas di pabrik, he he he ....).

Penilaian 'pencapaian goal-setting' bakal di ayakeun tiap 6 bulan, mun teu sanggup, piceun sing jauh .....

Bupati terpilih kudu jangji, moal nampa gajih mun Kas Kabupaten teu acan positif. 

Pangkas pengeluaran2 protokoler nu teu penting, etos kerja pangreh-praja kedah dirobih jadi pamong-praja, anu ngemong masyarakat, nuturkeun kahayang jeung harepan masyarakat.

' Jangan ada dusta di antara kita' teu meunang salingkuh, kudu bruk-brak, korupsi No Way !!!

Mun hayang beunghar ulah jadi pamong-praja, sabab ieu teh jalan amar-makruf nahi munkar .....

Tos ah, shalat Ashar heula, ngalamun teh bet kamalinaan. Da moal payu ide kawas kieu mah di urang teh ...


Wednesday, July 13, 2011

KABUPATEN TASIKMALAYA di Singaparna nu jadi carita ....

Asa ditonjok dina palebah jajantung maca judul berita di koran-koran Jakarta majarkeun teh "Kabupaten Tasikmalaya, Terancam Bangkrut".

Da kumaha teu bangkrut ? Gaji pegawai sajah sudah 90%. " Kaayaanana pailit, teu aya dana. Jumlahna ampir nol kanggo anggaran perubahan ayeuna oge.." saur Ketua Dewan Perwakilan Rakyat Daerah Tasikmalaya, Ruhimat kamari.

Ari ceuk Ruhimat tea, " Ieu teh ku sabab pamarentah provinsi jeung pamarentah pusat kurang perhatian, euweuh tanggung-jawabna, ngan saukur bau lisung !!! ..."

Ku alesan eta DPRD Kabupaten Tasikmalaya, rencanana rek usul supaya UU no. 10 Tahun 2001 tentang Pemekaran Kabupaten Tasikmalaya ditinjau ulang, " Kota dan Kabupaten Tasikmalaya harus digabung lagi karena setelah kabupaten melahirkan Kota Tasikmalaya jadi sengsara ....." kitu ceuk Ruhimat.

Ke, ke dulur, geuning kawas laguna Betharia Sonata tea, dina 'Hati yang Luka'


Ari Ruhimat ieu, batur urang tea lain?

Sok urang taros pamadegan ti masyarakat Tasikmalaya nu tiasa di wawancara ku simkuring, diantarana:


Agus Suherman/PNS Kabupaten Bandung : Teu ngukur, bikin gedung mewah, di tempat saya tidak ada pembangunan gedung baru, tidak beli mobil ....semangat otonominya tidak diimbangi dengan kemampuan, setelah ada pemisahan, kota Tasik yang maju, karena yang gemuknya masuk kota, tulangnya ke kabupaten, Singaparna yang menanggung beban, potensi Singaparna untuk kecamatan di pinggiran DAU nya habis untuk belanja pegawai, untuk pembangunan kedodoran, luas wilayah berat, sok atuh maneh jadi bupati ....." .





Seorang dokter yang tidak bersedia disebutkan namanya: " Makanya saya anjurkan semua rakyatnya melak jarak, kerjasama dengan ITB, khan dah dicoba pada mobil panther langsung hidup, tapi pemdanya tidak menggubris, setali tiga-uang dengan Kementrian PPSDM ...."








Dedi Heryadi, tokoh masyarakat: "Yaaahhh ....rupina kitu buktosna ...!".

Hj. A'i Ading ibu rumah-tangga: " Ikut prihatin .....".

Ny. Yayah Sabariah, Bidan: " Biarinlah, kalo liat kondisi pemerintah sekarang mah banyak yang gak masuk akal, jadi cuek aja, karena rakyat jadi udah gak bisa apa-apa..."

Kuring sanajan lila ngumbara di kota, da ari karuhun mah geuning pituin urang Singaparna ngahelas oge ningal lembur kawas kitu; ku sabab eta waktos nguping aya rerencangan anu rek "nyalon-bupati" ku kuring di harewosan, " Geus boga proposal Visi Misi ? ....". Ari jawabna asa nyapirakeun pisan, buktosna ? Di seleksi tingkat awal oge tos dieliminasi. " Aing di dzoliman ku KPU ..." kitu alesanana, nyalahkeun batur.

Ari pamadegan kuring kana carios ieu, mung aya hiji alesan: Munafek ! teu sajalana antara niat jeung kalakuan.

Mangtaun-taun urang sakola, ngaji duka tos seep sabaraha ustadz. Padahal "kapemimpinan" picontoeun nu paling inohong mah teu aya sanes iwal ti kangjeng nabi Muhammad SAW. Ngaku hayang diangken jadi ummatna, tapi bohong geuning digedekeun ......

Ari balanja pegawai nepi ka 90% mah, ulah nyalahkeun pamarentah provinsi atawa pamarentah pusat; ku cara ngitung budak SD oge kuduna geus kapikir. PNS eselon II, nu hiji budakna 2, ari bu hiji deui budakna salosin, sacara matematika bisa dipastikeun kahirupan nu anakna ngan 2 langkung waluya.

Usul pak dokter sae oge, tapi beaya membangun pabrik bio ethanol anu memenuhi "syarat ekonomis" sareng infra-struktur waragadna teu cekap artos sakedik, ongkoh investor oge rada miris upami ningal pola korupsi berjamaah di Indonesia mah.

Kapamingpinan cara Rasul, jigana mah moal payu di urang, ku sabab sistimna 'terlanjur' salah. Calon saencana 'nyalon' pan di bai'at heula ku 'partai-pendukung' . " Maneh wani kontribusi sabaraha ka partai ...?". Ieu pangalaman salah sawios tokoh anu kawentar 'bersih' Bp. Nurkholis Madjid (Alm), waktos 'dilamar' partai beringin; anjeuna 'terpaksa' nolak, ku teu sangem kana waragad sareng 'multiflier-effect" akibat kebijakan nu teu sapagodos sareng batin mantenna.

Nu aya dina sirah Calon, hukum ekonomi tea, iraha BEP ?, iraha urang rek panen keur nu di imah ? Boro-boro mikiran rahayat mah ...

Tapi komentar pak Agus teh jadi pikiraneun ? Hoyong uninga ? Mangga pilari di Mun Kuring Jadi Bupati ...