Sunday, February 20, 2011

Picontoeun


Mun teu apal ka photo ieu mah piraku, ulah ngaku-ngaku alumni SMP Negeri 1 Singaparna, komo mun ngaku angkatan 1969 mah.

Nu isteri urang Sukatani ari anu pameget mah ti Cimerah. Tepang di Kebon Cau, dumukna sakola urang tea. Ari kawitan "bobogohan" mah cenah waktos kelas 2 SMP. Ayeuna alhamdulillah tos incuan cenah.

Iraha nya urang tanggap "carios"na; sae eta teh picontoeun anak-incu urang, judulna "seiring sejalan" menuju pantai idaman tea (lagu saha tah?). Mangga Teh Dadah, Kang Dedi Rusnandi diantos cariosna.

No comments:

Post a Comment