Sunday, July 24, 2016

Folder Atang Supardi

Metamorfosa.




Ngaran kuring ti mimiti sakola nepi ka ayeuna, angger wae Atang Supardi. Alhamdulillaah kuring bisa nedunan undangan Haji Iim D. Suryana saparakanca tina rangka Re-Uni SMP Negeri Singaparna, Alumni '69; sanajan bari ingkud-ingkudan.

Enya, ari awak mah lintuh, alhamdulillah, da kana barang-dahar mah teu acan suda, sare oge tibra, tapi da ieu tuur aya masalah, mun di mobil mah, 'shock-breaker' parantos aus sigana mah ...

Bilih ku bisi aya rerencangan anu parantos hilap ka kuring, maklum opat-puluh-tujuh taun teh sanes waktos nu singkat, mangga ieu aya photo waktu kuring masih di SMP, waktu SMA sareng photo waktu masih keneh wanoja,





Lakirabi

Indung budak Nyi Hj. Ety Rustati; Nikah tanggal 16 Mei 1975, ti anjeuna kuring boga budak 7, pameget 4 nu isteri aya 3, nu masih lalagasan tinggal 1 pameget jeung hiji isteri, pangais bungsu jeung nu bungsu.

Atuh incu tos pabalatak, alhamdulillaah aya 9 ti 4 pasangan teh; ti nu Cikal Denny Rachmat Supardi (isterina: Astri Nurlestari) aya dua hiji isteri, hiji deui pameget Yusran Fahrezi sareng Putri Naila Rachmat.

Ti nu kadua, Dian Mardiansyah Supardi (isterina: Endang Ika Purnamawati); aya sapasang Muhammad Faisal Putra Mardiansyah sareng Siti Azizah Putri Mardiansyah. Anu nomer tilu, isteri Dinni Adhiyani Supardi (carogena: Riki Adi Kusumah), nembe masihan incu pameget hiji, Adira Rahmana Akbar. Nomer opat Dicki Pratama Supardi, isterina: Yeni Oktina, puterana sapasang Muhammad Anaqi Wiratanuraja sareng Aqeela Zildjian Salsabila. Anu nomer lima, isteri Lia Melawati, carogena: M. Su'aedi, masihan dua incu pameget Muhammad Syawal Rafiudin sareng Reza Fahlefi.Pangais bungsu Irvan Purnama Supardi sareng si bungsu Dwiyani Agustin Supardi masih betah lalagasan.



Kuring jeung indung barudak dina wanci sareupna, nyuhunkeun pidu'a ti sadayana mudah-mudahan dipaparin tabah sarta tawekal, tiasa pulih deui sabiharabihari.


Ieu foto pun bojo waktos masih keneh sehat.


Foto Keluarga Besar H. Atang Supardi.






Suasana pikabungaheun pas kumpul sareng incu ...








Nu pikareueuseun, incu nu cikal ti murangkali nomer-dua Muhammad Faizal bin Dian Mardiansyah Supardi, tos ngoleksi piala-piala kejuaraan renang nu diayakeun di kabupaten Karawang. Pangkiwarina minangka Juara Pertama dina rangka O2SN tahun 2016 tingkat SD sa Kabupaten Karawang.

Riwayat Pacabakan.

Kuring teh minangkana mah pangsiunan PNS, Ngawitan diangkat taun 1976, Kantos dines di DPUK, Bappeda (Bag. SunProg), Dinas Bina Marga, Dinas Kebersihan, Dispenda terakhir di Dinas Bina Marga & Pengairan, sadayana di lingkungan Kabupaten Karawang. Kuring pangsiun akhir 2008.

Alhamdulillaah kantos nungtaskeun rukun anu kalima, jiarah ka tanah-suci harita aya kajantenan Tsunami di Aceh tea 24 Desember 2004, pas kuring sareng indung barudak nuju di Makkah Al-Mukaromah .

Patepung-Lawung.

Kuring jeung sobat di Re-Uni 2016 di Leuwi Peusing, Sariwangi, ping 13 Juli 2016





Tah sakitu ringkesan carios kaluwarga kuring, nu ayeuna dumuk di Jl. Cakradireja No. 20 RT 02 RW 25; Kelurahan Nagasari, Kecamatan Karawang Barat, Kabupaten Karawang.

Mudah-mudahan urang sadayana tiasa mangfaatkeun waktos nu masih nyesa kanggo ibadah supados urang sadayana tiasa khusnul khatimah .

5 comments: