Tuesday, July 26, 2016

Folder Enok Kanah



Enok teh dines di BKKBN ngawitan taun 1982 dugi ka taun 2004. Minangka Wakil pengawas PLKB di Kacamatan Leuwisari.

Kantos bade diangkat Pengawas dugi ka dua kali, tapi ku Enok teh ditampik kumargi SK-na sok ka nu tarebih, janten moal karoris kulawargi, sawios Enok mah teu heroy ku pangkat, teu heroy ku jabatan nu langkung keur Enok mah kumpul ngariung sareng kulawargi, numatak Enok mah betah ngantor teh di Leuwisari. Sanaos ampir tiap dua dinten sakali kedah ka BKKBN di kantor kabupaten di Tasikmalaya. Kumargi Enok nyepeng Keuangan, Adminstrasi merangkap tugas lapangan, nyepeng 20 desa; Wakil Pimpinan lingkup padamelanana nuju jaman harita teh 20 desa

Upami tugas ngabagikeun artos teh aprak-aprakan ka 20 desa sa kacamatan Leuwisari, kalebet Kamantren Sariwangi, Kamantren Cisaruni, kapungkur mah da nu tilu wilayah teh masih keneh ngahiji, teu acan janten Kacamatan.

Sajabi ti eta taun 1984, Enok diangkat janten Wakil Pimpinan, upami di Kacamatan mah minangka Sekertaris Camat (SekMat)-na, Enok teh ngantor 3 dugi ka 4 kali ka kantor BKKBN Kabupaten, di Jl. Yudanegara, Tasik.

Taun 2001 Enok dimutasikeun ka Pemda, kenging sataun, teras di kadaerahkeun di SK an di Kacamatan Sukarame, kumargi nyepeng jabatan ganda, nyaeta Kasie Kesra sareng Ka SuBag Keuangan, janten wae Enok ngantor-na ampir dua dinten sakali ka Pemda Kabupaten nu lokasi-na di payuneun Masjid Agung.




Pun Lanceuk Suryono (Alm)



Ghefira Fatimah Az Zahra,
putu nu dirorok ti orok keneh


Photo nalika Wisuda si Bungsu Riza Megantara
ramana harita masih keneh aya dikieuna.



No comments:

Post a Comment